Senin, 25 Juli 2011

Nyukcruk Galur Karuhun Urang Sunda

Dina mangsa kiwari, khususna nu aya diwewengkon tatar sunda, dina enggoning ngabandungan sepak lengkah manusa bisa kabobodo tenjo kasamaran ninggal. Nu bener jadi salah nu salah jadi bener. Padahal kahirupan ieu teh kudu salawasna eling sakumaha dina kawih sunda ; "Eling-eling mangka eling, rumingkan di bumi alam, darma wawayangan bae, nafsu numatak kaduhung badan anu katempuhan.."